Tuesday, 17 September 2024

10 jenis sihir


10 jenis sihir anu diharamkeun 

- *Sihir Simiya* 

Anu dimaksud sihir simia nyaeta howarik anu sok dipake ku ngangge media taneuh,minyak,batu dll contoh taneuh kuburan anu sok dipake pikeun ngahancurkeun usaha Batur atau minyak anu sok dipake ngalieurkeun lawan jenis anu intina jin perewangan teh di tunda Dina media2 anu Aya di alam

- *Sihir Himiya* nyaeta khowarik anu cendrung kana nujum sbb anu diangge mediana perbintangan atau tingkah2 sato saperti sio lamun urang cinamh.
tahun anu berjalan Tina perbintangan dijuluki tahun kerbau maka kuduna lamun Hoyong hoki kudu ini itu dst

- *Sihir Hindi* nyaeta khowarik anu terjadi Tina amalan mantra (bisa dimengerti Hartinanmh cuma keur nyilakakeun Batur) anu tea eta mantra di baca tapi bari nincak tomat anu dibayangkeuna jantung seseorang supaya seseorang eta keuna serangan jantung,Atawa pake media boneka  

- *Sihir Yamani* ampir mirip saperti sihir hindi pake manntra cuma kerjana etamh supaya anu dituju t dipikaresep ku batur atau wajah seseorang dikala katingali ku Batur pikasieuneun eta biasana dipake keur ngajomblokeun Batur atau misahkeun hiji pasangan supaya t dipikaresep ku pasangana anu ahirna paburisat rumah tanggana 

- *Sihir Tilasmat* nyaeta khowarik anu ngangge media jimat atau razah cuma rajah eta t bisa kahartian ku bahasa naon wae oge 

- *Sihir Roqi* nyaeta khowarik anu datang Tina lapalan mantra anu eta mantra t bisa kaharti ku bahasa naon wae Oge ( boh t bisa dimengerti sawareh atau beberapa teks wungkul) lamun diurang Sunda disebut jangjawokan 

- *Sihir 'Azimat* nyaeta tulisan atau lapad anu di cokot tina nami2 malaikat Atawa wali2 lamun tea dipanggil bisa ngajangelek anu bersangkutana،conto2na Dina kitab Al ajnas,pabalatak boh manggil malaikat boh manggil seh Kandias bahkan manggil malaikat anu bersemayam Dina surat Al ikas tur bisa diperintah sakahayang

- *Sihir Istikhdamah* nyaeta manggil jin atau manggil Sato gaib conto pamacan Jeung sajenisna anu eta jin bisa ngaraksuk ka hiji jalmi ( boh secara permanen asupna disebut di isi khodam atau t permanen Mun baheulamh pabalatak Dina tayangan televisi Dina acara dua dunia)maka cara pemanggilana biasana ku sasajen & asap dupa atau menyan.

- *Sihir Wifiq* nyaeta mediana berupa tulisan atau angka2 arab bari mentana Kana eta wafak atau meyakini eta wafak boga tapak gawe tapi menurut imam Ghozali lamun tea paham Kana makna anu terkandung Dina eta angka arab bari kayakinan ttp Allah SWT anu gaduh tapak gawe maka hukumna halal 

- *Khowasil Makhluq* sesuatu khowarik anu t Aya persambungan Dina ranah adat yg tidak ada persambungan adat (irtibat dn ittishol) 
Conto sepeti kai kaboa bisa Mangil macan atau mani gajah bisa jadi kuat bertubuh atau galih kelor bisa meningkatkan stamina atau kelor bisa muragkeun susuk atau palapah taleus hideung bisa ngalemahkeun anu kebal.

No comments: